Berbagi naskah Sejarah Cianjur

12.15

Tak kenal maka tak sayang, Kenali Cianjur dari awal berdirinya,kemajuannya,titimangsanya dimasa lampau. Jadikan cerminan untuk Cianjur yang lebih maju Sugih mukti.



SAJARAH CIANJUR sareng RADEN ARYA WIRATANU / DALEM CIKUNDUL
oleh Drs. Bayu Surianingrat

YAYASAN WARGI CIKUNDUL
tahun terbit 1982
 Download Buku Sajarah Cianjur


BUBUKA

Ahuuung ! Ahuuung !
Bui kukus aing ka manggung, ka Uihur ka Sang Rumuhun, ka handap ka kadatuan, ka Batara ka Batari, Sang Batara Susuk Tunggal, nu babak-babak di Kahiangan.
Sanaos simkuring sanes ahli dina widang sajarah, nanging ka-jurung ku langkana bahan sareng warkah sajarah ngeunaan Cianjur sareng karuhun GkunduL hususna Aria Wira Tanu miwah runda-yanana, katambih bahan anu aya seueur anu henteu tetela, paso-lengkrah matak bingung sarta sulaya tina sajarah, simkuring mak-sakeun ngeureuyeuh nikreuh ngarayap nyusun ieu naskah.

SINOM

Neda agung pangaksama
Hakeki ka Maha Suci
Lahirna ka balarea
Mugi henteu lepat tampi
Sanes ati kumaki
Reh agul ku payung butut
Mapay laratan turunan
leu man ibarat misjl
Ibaratna budak anu mapay Bapa.

Cianjur nagri kawentar
Dinajaman pra-bopati
Tangtu ngandung titimangsa
Sajarah pon kitu deui
Ngandung warsih mimiti
Saha anu ngadeg papayung
Catetan mere jawaban
Sajarah geus mere bukti
Kabudayaan kasenian anu geus nyata.

DANGDANGGULA

Cikundul Cijagang jadi bukti
Patilasan bupati baheula
Nelah Aria WiraTanu
Cakal bakal Cianjur
Sinaieng panyebar agami
Neraskeun kangjeng rama
Nu punjul linuhung
Aria Wangsa Goparana
Nu ngadegkeun Sagaraherang nagari
Ulama Islam munggaran
Dalem dipundut ku Anu Asih
Digentosna ku ingkang putra
Wiramanggala namina
Cikundul teras dikantun
Ka Cikalong midamel ngalih
Mung di dinya teu lawas
Ngalih gura-giru
Ngababakan padaleman
Nyumponan wangsit ngadamel nagari
Katelah Pamoyanan
Undur taun bagentosan warsih
Pamoyanan sepi kantun ngaran
Dina waktos Dalem Dicondre
Pikeun ciri papayung Nya pangguyangan
Badak Putin Jadi tengah nagara .  
Bukti alun-alun Cianjur murbawisesa
Subur ma'mur gemahripah loh jinawi
Nyebar ka janapria


lebih legkapnya silahkan download bukunya pada link dibawah ini.

 Download Buku Sajarah Cianjur

You Might Also Like

0 komentar

Popular Posts

Like us on Facebook

Flickr Images